KINANTI ASTANA GEDE KAWALI


Kinanti Astana Gede          lagu merdeka buhun                    ku Yoga Asmara

Yu batur jeung dulur-dulur
Urang ngariksa Kawali
Dugikeun ka balarea
Astana Gede Kawali
Cikal bakal Pajajaran
Raja Prabu Siliwangi

Perang Bubat nu ka mashur
Mimitina ti Kawali
Prabuna Linggabuana
Ngabring rek ka Majapahit
Tapi di Palagan Bubat
Sadaya nemahing pati

Gajah mada nu takabur
Patih Raja Majapahit
Ngalawan titah Rajana
Kedah minang Putri Dewi
Tapi kalah ngajak perang
Raja Sunda teu jejerih

Maha Prabu Hayam Wuruk
Murka ka Patih nu Sakti
Nu geus mejahan sang Raja
Layon Raja anu Wangi
Diurus di medan Bubat
Di usung di pusti-pusti

Salajengna Hayam Wuruk
Nyembah sungkem ka sang Dewi
Ngajak Dyah Pitaloka
Tapi anjeuna teu sudi
Batan kersa mending pejah
Ngiring ka Rama suargi

Antukna sang Buni Sora
Ngagantian Prabu Wangi
Kusabab Wastu Kencana
Can dugi ka titi wanci
Mingpin Kerajaan Sunda
Pajajaran nu kawarti…….

Syair lagu ini di buat khusus untuk acara Nyiar lumar dan selanjutnya untuk kekayaan khasanah seni budaya Sunda pada umumnya, khususnya Kawali.        Kawali Maret 2012***wasono/yoga asmara

Biodata penulis
Nama   : Wasono alias Yoga Asmara
Alamat : jl. Siliwangi No. 327 Kawalimukti – Kawali -  Ciamis
No tlp. : 0265.791888
Hp.      : 081323136888
Pekerjaan : Wartawan





Share:

0 comments:

Post a Comment

Kawali TV

Blog Archive

Recent Posts

BERITA